Senin, 13 Januari 2014

MULUDAN DI BANTEN



DUA TRADISI MULUDAN DI TATAR BANTEN

Aya dua model tradisi Muludan nu beda di Banten teh. di Serang mah disebutna teh “Panjang Mulud”; nyaeta tradisi arak-arakan. Saban kampung atawa RT nyarieun Panjang; nyaeta samodel dongdang atawa usungan malah ayeuna mah geus aya nu dihiaskeun dina mobil sagala doang paradeu atawa pawai taaruf. Panghiasna nu tradisina mah Endog asin anu dibungkus mangrupa kembang dijieun keretas harerang warna-warni. Dadasarna dibungkus samping anyar. Teu tinggaleun kadaharan olahan jeung buah-buahan. Aya oge nu ngagantungkeun papakean, kayaning Koko, Kopeah, sarung, tiung jeung nu sejenna. Wujud Panjang umumna mah mangrupa Masjid. Nu sejen ge aya ngarupa paparahuan, kakapalan, lalaukan, bungbuahan jeung sajabana, anu tangtu piresepeun nu neuleu, ja baradag jasa kapanan. Barang arak-arakan tepi kanu dituju atawa geus lekasan do'a sagala rupa, kabeh panongton, nu haladir parebut nyarokotan hiasan/kembang Panjang tea. Papintenter-pinter pa heula-heula nyokot, malah aya nu ngahaja marawa karung sagala keur wadahna. Nya eta pisan anu disebut "Ngaropok". Loba para ahli anu nyebut ieu tradisi teh pikaisineun, nembongkeun kamiskinan, jeung sajabana. Da eta doang nu ngajarah tea ning. Tapi da ieu mah tradisi ngalap barokah, sok sanajan hiji dua mah nu ngaropok teh memang butuh.
Tah tradisi Muludan nu ka dua mah aya na di Pandeglang, jeung pakulonan Serang. Nyebutna teh “Dzikir Mulud.”  Ieu mah tradisi maca Barjanji tapi di-beluk-keun ngalanglaung ngajerelit maratan langit, dipairan ku hadirin nu ngajejer kenca katuhueunana. Di hiji Bale biasana aya dua rombong Padikir nu diiuhan ku saung sewang-sewangan. Sing jerelit sakali sewang. Dilakukeunana di hareupeun atawa gigireun Bale / masjid. Sa rombong padikir biasana aya kana salawe urangna, diuk ngajejer pahareup-hareup. Dzikir dilaksanakeun ti isuk, nepi ka Lohor. Sanggeus istirahat lohor, diteruskeun kana Asrokol. tah dina bagean ieu mah padikir nu pahareup-hareup silih pantékeun kipas tina kulit kebo, nu salila dikir mah dipake gegeber ari hareudang. Babak ieu mah karasa silih tempas antara padikir jeung nu ngabelukna teh. Malah make gerakan ngalage sagala pahade-hade. Wanci Asar, ieu babak puncakna, sarerea arak-arakan bari silih tempas, ngawengku wirahma anu has jasa, doang accapela (musik mulut). Salah sahiji rumpaka nu dilagukeunna teh kieu "Tolabnaba Bil Mujana, Karimbilan Sayun Sana, Robiyana Yasiduna, Hiwat Sadiq Yarosulillah" loba nu madungdengkeun ieu rumpaka teh, ja teu asup kaditu-kadieu cenah sacara ka-bahasa-an mah, tapi da geus tradisi, nya kitu bae unggal taun geh. Kula mah nyebutna eta mah bahasa budaya. Laju  barang tepi ka tungtung lembur, arak-arakan anu disebut “Saman atawa Nyaman “ teh, meunang Kembang, mangrupa buruhna meureun. Kembang teh Dongdang nu ngawangun mamasjidan, nu eusina hiasan samping, sarung, kadaharan duit jeung sajabana, anu jumlahna cukup dibagikeun ka jalma nu milu ngarak Saman tea.