DUA TRADISI MULUDAN DI TATAR
BANTEN
Aya dua model tradisi Muludan nu
beda di Banten teh. di Serang mah disebutna teh “Panjang Mulud”; nyaeta tradisi
arak-arakan. Saban kampung atawa RT nyarieun Panjang; nyaeta samodel dongdang
atawa usungan malah ayeuna mah geus aya nu dihiaskeun dina mobil
sagala doang paradeu atawa pawai taaruf. Panghiasna nu tradisina mah Endog asin
anu dibungkus mangrupa kembang dijieun keretas harerang warna-warni. Dadasarna
dibungkus samping anyar. Teu tinggaleun kadaharan olahan jeung buah-buahan. Aya
oge nu ngagantungkeun papakean, kayaning Koko, Kopeah, sarung, tiung jeung nu
sejenna. Wujud Panjang umumna mah mangrupa Masjid. Nu sejen ge aya ngarupa
paparahuan, kakapalan, lalaukan, bungbuahan jeung sajabana, anu tangtu piresepeun
nu neuleu, ja baradag jasa kapanan. Barang arak-arakan tepi kanu dituju atawa
geus lekasan do'a sagala rupa, kabeh panongton, nu haladir parebut nyarokotan
hiasan/kembang Panjang tea. Papintenter-pinter pa heula-heula nyokot, malah aya
nu ngahaja marawa karung sagala keur wadahna. Nya eta pisan anu disebut
"Ngaropok". Loba para ahli anu nyebut ieu tradisi teh pikaisineun,
nembongkeun kamiskinan, jeung sajabana. Da eta doang nu ngajarah tea ning. Tapi
da ieu mah tradisi ngalap barokah, sok sanajan hiji dua mah nu ngaropok teh
memang butuh.
Tah tradisi Muludan nu ka dua mah
aya na di Pandeglang, jeung pakulonan Serang. Nyebutna teh “Dzikir Mulud.” Ieu mah tradisi maca Barjanji tapi
di-beluk-keun ngalanglaung ngajerelit maratan langit, dipairan ku hadirin nu
ngajejer kenca katuhueunana. Di hiji
Bale biasana aya dua rombong Padikir nu diiuhan ku saung sewang-sewangan. Sing
jerelit sakali sewang. Dilakukeunana di hareupeun atawa gigireun Bale / masjid.
Sa rombong padikir biasana aya kana salawe urangna, diuk ngajejer
pahareup-hareup. Dzikir dilaksanakeun ti isuk, nepi ka Lohor. Sanggeus
istirahat lohor, diteruskeun kana Asrokol. tah dina bagean ieu mah padikir nu
pahareup-hareup silih pantékeun kipas tina kulit kebo, nu salila dikir mah
dipake gegeber ari hareudang. Babak ieu mah karasa silih tempas antara padikir
jeung nu ngabelukna teh. Malah make gerakan ngalage sagala pahade-hade. Wanci
Asar, ieu babak puncakna, sarerea arak-arakan bari silih tempas, ngawengku
wirahma anu has jasa, doang accapela (musik mulut). Salah sahiji rumpaka nu
dilagukeunna teh kieu "Tolabnaba Bil Mujana, Karimbilan Sayun Sana,
Robiyana Yasiduna, Hiwat Sadiq Yarosulillah" loba nu madungdengkeun ieu rumpaka
teh, ja teu asup kaditu-kadieu cenah sacara ka-bahasa-an mah, tapi da geus
tradisi, nya kitu bae unggal taun geh. Kula mah nyebutna eta mah bahasa budaya.
Laju barang tepi ka tungtung lembur,
arak-arakan anu disebut “Saman atawa Nyaman “ teh, meunang Kembang, mangrupa
buruhna meureun. Kembang teh Dongdang nu ngawangun mamasjidan, nu eusina hiasan
samping, sarung, kadaharan duit jeung sajabana, anu jumlahna cukup dibagikeun
ka jalma nu milu ngarak Saman tea.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar